Rabu, 29 Juli 2015

Kumpulan Haiku SUNDA



65
Poe ka poe
Puguh wuwuh ngeuyeumbeu
Di Rumah Sakit

Waktu ka waktu
Neuteup keclakna infus
Ampir saminggu

64
Nyumputkeun rasa
Nu rosa ngagalura
Jeroeun dada

63
Babalieuran
Unggal paamprok teuteup
Inggis katangen

62
Gurilap bentang
Na tungtung teuteup anjeun
Anteb karasa

59
Ngeungkeung na degung
Saha nu jatukrami
Geuning salira


57
Hate tos meundeut
Kasosi pageuh pisan
Kacandak mulang

56
Bongan salira
Datang na salah mangsa
Teu halal nampa

55
Deudeuh keur anjeun
Mung gumuruh na kalbu
Teu wasa wakca

44
Asa ngoleang
Ningal kareta miang
Hayang marengan

43
Gupay barudak
Ronghok dina jandela
Cimata reumbay

42
Hate kabetot
Kareta mingkin jauh
Cimata juuh


41
Bati hareneg
Ningal gupay salira
Sanes ka abdi

39
Bati ngahelas
Renghap ranjug salira
Dibantos selang


29
Rasa nalangsa
Nyorangan lunta nyaba
Mapay salira

28
Sing panceg ajeg
Kuatkeun pamadegan
Na bebeneran

27
Najan nyorangan
Mo unggut kalinduan
Memeh wekasan

26
Rasa mokaha
Pedah sagala aya
Katideresa


21
Na unggal renghap
na ketugna jajantung
mungguh nyaketan



19
Hujan sadinten
Nyecep satulang sandi
Hoyong nu haneut

18
Landong tariris
Ngistrika sabebedan
Pinasti cespleng

17
Kanyaah natrat
Mung haturan salira
Taya kendatna

16
Mangka sing emut
Kadeudeuh mun geus maneuh
Sok tambih geugeut

14
Asih salira
Nyaliara na sukma
Aya ku bagja


8
Di suku gunung
Nganti nu cunduk
Halimun wuyung