Sabtu, 28 Agustus 2010

Paturay Tineung

Longkewangna ieu hate
basa Salira wakca rek ihlas bibilasan
ngalihkeun sagala waditra, nu biasa mirig na unggal anggitan
reh emut sakitu taun, urang rampak sasarengan
ngagalindengkeun kawih asih nu matri na sanubari
harendegna ieu hate
reh sakitu taun, urang paheuyeuk leungeun sasarengan
ayeuna bakal wekasan


Nalangsa, bagja awor na dada
antara nalangsa, bagja, ku sesah milari watesna
reh geuning
Salira lunta, taya niat megatkeun simpay kaheman
Salira angkat, taya niat mungkas mimitran
estu miang mancen darma nu langkung luhur
seja naratas jalan nu tambah jembar


Seungitna kembang harepan nu mangak na dada
leleb, anteb, sumarambah sakuliah sukma
mugia
nu dikantun langkung nanjung
nu miang tambah dangiang


Wilujeng angkat....
duh insan, nu mo laas ngalangkang dina implengan


Pangandaran, April 2006


Tidak ada komentar:

Posting Komentar